Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda
nu dijieun tina awi , dimaénkeun ku cara
dieundeukkeun (awak buku awina neunggar
sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu
ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4
dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa
nu leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung
tradisional Sunda biasana saléndro jeung
pelog .
Sajarah
Dina kasenian Sunda, nu migunakeun alat
musik tina awi di antarana angklung jeung
calung . Anapon awi nu sok dipaké nyieun ieu
alat musik biasana tina awi wulung (awi nu
kelirna hideung ) jeung awi temen (kelir
bodas ). Sada nu kaluar tina angklung jeung
calung asalna sarua, nyaéta tina solobong awi
nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu).
Angklung geus dipikawanoh ku masarakat
Sunda ti jaman karajaan Sunda, di antarana
pikeun ngagedurkeun sumanget dina
pangperangan. Fungsi angklung pikeun
ngahudang sumanget ieu jadi sabab
dicaramna ieu kasenian ku pamaréntah
jajahan Hindia Walanda .
Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui,
ku ayana unsur ibing luyu jeung
kapentinganana, misalna dina upacara ngarak
paré kana leuit (ngampih paré, nginebkeun)
jeung dina mangsa mitembeyan melak paré
(ngaseuk). Pon kitu deui dina mangsa panén
jeung sérén taun, nu ilaharna aya acara arak-
arakan nu kadang dibarengan ogé ku réngkong
jeung dongdang.
Rupa-rupa angklung
Angklung Kanékés
Di wewengkon Kanékés , angklung utamana
dipaké patali jeung upacara-upacara tatanén,
lalin keur hiburan. Angklung dipaké nalika
melak paré di huma jeung ngubaran paré (tilu
bulan sanggeus dipelak). Sanggeus dipaké,
angklung disimpen dina upacara musungkeun
angklung.
Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna
dipidangkeun nalika caang bulan jeung teu
hujan. Ieu hiburan téh digelar di buruan bari
nembang, di antarana Lutung Kasarung, Yandu
Bibi , Yandu Sala , Ceuk Arileu , Oray-orayan ,
Dengdang , Yari Gandang , Oyong-oyong
Bangkong , Badan Kula , Kokoloyoran, Ayun-
ayunan , Pileuleuyan, Gandrung Manggu, Rujak
Gadung, Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong ,
Aceukna , Marengo, Salak Sadapur , Rangda
Ngendong , Celementre , Keupat Reundang ,
Papacangan , jeung Culadi Dengdang .
Angklung Dogdog Lojor
Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat
Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa
masarakat adat Banten Kidul nu sumebar di
sabudeureun Gunung Halimun . Najan kasenian
ieu ngaranna dogdog lojor, luyu jeung
salasahiji alat musikna, ieu kasenian
dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali
jeung upacara adat paré. Unggal geus panén,
masarakat ngayakeun acara Sérén Taun di
puseur kampung adat (imah kokolot) anu
biasana pindah-pindah luyu jeung paréntah
tina wangsit.
Tradisi ngamulyakeun paré di ieu masarakat
masih terus lumangsung, kusabab
masarakatna masih pengkuh kana adat
baheula. Dumasar pitutur turun-tumurun, ieu
masarakat adat ngaku salaku turunan para
prajurit karaton Pajajaran barisan Pangawinan
(prajurit nu marawa tumbak). Najan kitu,
masarakat kasepuhan ieu geus lila ngagem
Islam sarta narima kana modérenisasi. Luyu
jeung kamekaran ieu, dogdog lojor ogé kadang
sok midang dina acara nyunatan, ngawinkeun,
sarta karaméan lianna.
Kasenian dogdog lojor dimaénkeun ku genep
urang nu nyepeng alat musikna séwang-
séwangan, nyaéta dua dogdog lojor jeung opat
angklung gedé, nu masing-masing boga
ngaran: gonggong, panémbal, kingking, jeung
inclok (noron ti nu pangbadagna).
Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Balé
Agung, Samping Hideung, Oléng-oléng
Papangantén , Si Tunggul Kawung , Adulilang,
jeung Adu-aduan .
Upami di Sukabumi kasohorna Dogdog loyor
pangrojong dina acara panen.
Angklung Gubrag
Angklung gubrag ayana di kampung Cipining,
kecamatan Cigudeg, Bogor . Ieu angklung
umurna geus kolot, dipaké dina upacara
melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka
leuit. Dumasar carita turun-tumurun, ieu
angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa
paceklik.
Badéng
Badéng téh mangrupakeun kasenian nu asalna
ti Sanding, Malangbong, Garut . Bentuk
kasenian angklung ieu dipaké pikeun
kapentingan da'wah Islam , kira abad ka-16
atawa 17. Harita, Arpaén jeung Nursaen (dua
warga Sanding), diajar Islam ka Demak .
Samulangna ti Demak, aranjeunna
nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat
Sanding hususna migunakeun kasenian
badéng.
Angklung nu dipaké dina pintonan badéng aya
salapan: angklung roél dua, angklung kecer
hiji, angklung indung jeung bapa opat, jeung
dua angklung anak anu dibarengan ku dogdog
dua, terebang atawa gembyung dua, jeung
kecrék hiji. Rumpaka tembangna maké basa
Sunda nu euyeub ku istilah basa Arab , nu
kadieunakeun ogé ditambah ku basa
Indonésia . Eusi rumpakana taya lian ti ajén -
inajén Islam jeung pitutur. Pidangan ieu
kasenian kadang ogé dibarengan ku debus nu
mintonkeun élmu-élmu kawedukan.
Tembang-tembang badéng anu kawentar, di
antarana Lailaha illalloh , Ya’ti , Kasréng, Yautika,
Lilimbungan , jeung Solaloh.
Buncis
Buncis téh seni pintonan nu watekna hiburan,
nu utamana kawentar di wewengkon Baros
(Arjasari, Bandung ).
Sumber rujukan
Ganjar Kurnia . 2003. Deskripsi kesenian
Jawa Barat . Dinas Kebudayaan & Pariwisata
Jawa Barat, Bandung.

Post a Comment